Total Tayangan Halaman

Senin, 09 Januari 2017

Kampung Adat Pulo

Tujuh Unsur Budaya Kampung Adat Pulo
Ku: Leni Anggraeni

“Urang Garut, teu nyaho pariwisata nu aya di Garut?.”
Réa jalma nu asli wewengkonna, tapi teu nyaho ka tempat pariwisatana. Sedengkeun tempat pariwisata anu jauh geus dijugjug. Contona kuring nu geus puluhan taun cicing di kota Garut, tapi kakara ayeuna ka Kampung Pulo sanggeus umur 20 taun. Padahal, jarak antara imah jeung kampung Pulo teu pati jauh. Lolobana mah tempat nu deuket teu pati dipaliré. Sabab mikirna tempat nu deukeut mah bisa iraha baé dijugjugna teu ciga tempat nu jauh ngahajakeun dijugjug. Tujuan indit ka kampung adat Pulo hayang nyaho sarta nambahan pangaweruh jeung pangalaman.
Mimiti asup geus disampakeun pamandangan nu kacida éndahna nya éta situ Cangkuang. Singhoréng simanahoréng kampung Adat Pulo mah aya dipeuntas situ Cangkuang.  Sangkan bisa ka kampung Adat Pulo kudu meuntas heula maké rakit. Hiji hal nu teu bisa dipohokeun nalika naék rakit nya éta kataji ku pamandangana, kaayana nu masih kénéh asri sarta hiliwirna angin nu matak pikabetaheun. Hanjakal sakeudeung teu karasa naék rakit téh, jol geus anjlog nepi ka peuntas situ.
Sanggeus dipeuntas Situ dipapag ku tukang dagang. Ti mimiti tukang cimol nepikeun ka tukang dagang ciri has ti kampung Pulo ngajajalajar. Hal nu matak unik di kampung Adat Pulo nya éta ngan aya genep suhunan imah katambah hiji musola nu mangrupa ciri has ti kampung Adat Pulo. “Naha di kampung Adat Pulo aya genep suhunan imah?”, sabab baheulana Eyang Embah Dalem Arif ngabogaan tujuh anak hiji lalaki jeung genep awéwé. Cara ngawariskeun imahna ka budak awéwé lain budak lalaki lantaran baheulana budak lalaki hiji-hijina maot, tug hartana diwariskeun ka budak awéwé.
 Saupama ditilik dina wangunanan mah sarua baé jeung imah panggung  nu aya  di perkampungan. Kaayanana masih kénéh bararésih, sarta tiap hareup imah dipelakan kekembangan nu matak pikabetaheun.  Sato nu dikukut di Kampung adat Pulo lolobana mah hayam, sabab aya larangan ulah ngukut sato nu miboga suku opat boh éta sapi, domba, jsb.
Salian ti kampung Adat ogé aya titinggal sajarah abad ka 8 SM nya éta Candi Cangkuang. Disisi Candi Cangkuang aya makam Eyang Embah Dalem Arif Muhammad. Sedengkeun dihareup makam aya perpustakaan nu eusina titinggal jaman baheula sarta lolobana naskah agama utamana NU (Nadhatul Ulama).  Di belah kenca perpustakaan aya tangkal cangkuang. Ieu hal nu ngalantarankeun disebut candi Cangkuaang lantaran loba tangkal cangkuang disabudeureunna.
Nambah kapanasaran pikeun kuring ngawawancara salahsahiji tokoh kampung Adat. Jenenganana Bapa Umar.  Hal-hal nu ditanyakeun nya éta unsur-unsur kabudayaan. Koentjaraningrat nyebutkeun yén aya tujuh unsur kabudayaan diantarana basa, kasenian, system religi, téhnologi, pakasan jeung élmu pangaweruh (Koentjaraningrat, 1979: 203-204).[1]

1.    Basa
Basa nya éta hiji sistem lambang sora nu arbitrer bu dipaké ku masarakat manusa pikeun tujuannna komunikasi (Sudaryat, 2010:2). Numutkeun Koentjaraningrat, unsur basa atawa sistem lambang sora  manusa saperti lisan atawa tulisan pikeun komunikasi. Basa nu dipaké sapopoé ku masarakat kampung Adat Pulo nya éta basa Sunda. 

2.     Sistem Pangaweruh
Sistem pangaweruh patalina antara alat jeung téhnologi, sabab pangaweruh sifatna sdi dunya  ngabogaan pangaweruh diantarana (Koentjaraningarat: 1989):
a.       Alam sabudeureunna;
b.      Tutuwuhan nu aya di wewengkonna;
c.       Sato nu hirup disabaudeureunna;
d.      Zat-zat, jeung barang barang nu aaya dilingkunanna;
e.       Awak manusa;
f.       Sifat-sifat jeung tingkah laku manusa;
g.      Ruang jeung waktu.
Sistem pagaweruh nu dipibanda ku kampung Adat Pulo kawilang geus jembar jeung maju. Sabab, saupama ditilik tina kahirupanna, réa masarakat nu nyuprih élmu kaluar kampung Adat. Maksudna, euweuh larangan pikeun masarakat sangkan ngahontal élmu nu leuwih jembar.

3.    Sistem Kekerabatan jeung Organisasi Sosial
Sistem kekerabatan jeung organisasi sosial mangrupa tarékah antropologi pikeun maham kumaha manusa ngawangung masarakat ngaliwatan kelompok sosial. Numutkeun koentjaraningrat tiap kelompok masarakarat diatur ku adat istiadat jeung aturan-aturan ngeunaan kesatuan dina kahirupan kumbuh mansua. Sedengkeun kekerabatan patalina jeung perkawinanan dina masarakat.
Saupama ditilik dina kahirupan masarakat kampung adat Pulo dina sistem kekerabatan dibebaskeun boh éta kawin jeung masarakat adat deui atawa masarakat nu aya diluar.  Sedengkeun organisasi sosialna ngilu ka pamaréntah sarta ngagabung jeung masarakat nu aya sabudeureunna.

4.    Sistem Religi
Sistem religi dihartikeun sistem nu patalina antara kayakinana jeung prakték agama sarta patalina jeung hal-hal nu suci sarta teu kaimpleng ku logika. Agama nu dicekel ku kampung Adat Pulo nya éta agama Islam. Tapi masih kénéh sok diayakeun jarah jeung sasajén. “Ari agamana mah sami waé, mung masih kénéh nyekel kabiasaan kapungkur, sapertos jarah, jeung sasajén.” Ceuk Bapa Umar.

5.        Tehnologi
Téhnologi nu dimaksud nya éta kasegemblengan téhnik nu dipibanda ku anggota masarakat. Unsur téhnologi diantarana  alat-alat produksi, senjata, wadah, pakéan, jsb. Kaayanan téhnologi dikampung adat Pulo kawilang geus maju, saperti geus aya listrik, handphone, jsb.

6.    Pakasaban
Pakasaban nya éta usaha manusa pikeun meunangkeun barang jeung jasa nu dibutuhkeun.  Pakasaban diantarana moro, ngumpulkeun dahareun, tatanén, térnak, dagang. Lolobana pakaban masarakat adat kampung Adat Pulo kana dagang jeung ngarakit. Jadi loba ngamanfaatkeun sumber daya manusa nu aya dijero kampung adat Pulo.

7.    Seni
Seni nya éta hasrat manusa kana kaéndahan. Ciri has seni nu aya di kampung adat Pulo nya éta rudat. Ngan di jaman kiwari geus lila teu ditampiklkeun sabab ditampilkkeunna nakika aya acara gede seperti 17 agustusan, jsb.
 Salian ti tujuh unusur budaya nu aya di kampung adat Pulo aya ogé larangan-laranganna diantarana:
a.       Jumlah imah adat;
b.      Jumlah pamingpin kulawarga
c.       Nabeuh goong gedé
d.      Ngukut sato nu miboga suku opat;
e.       Ulah ngawangun imah suhunan jure;
f.       Dipahing jiarah poé salasa soré jeung rébo sore.
Saupama ngalanggar tanggtu waé aya hukummana nya éta hukum alam nu leuwih pait tibatan hukum tembak.




Daptar Pustaka
Koentjaraningrat. 1987. Sejarah Teori Antropologi I. Jakarta: UI Press[1]
Sudaryat, Yayat. 2010. Ulikan Fonologi Basa Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI









Koentjaraningrat. 1987. Sejarah Teori Antropologi I. Jakarta: UI Press[1]

Tidak ada komentar:

Posting Komentar