AMALAN SETAN
Ku: Leni
Anggareni
Pasosoré hujan
ngecrek. Jabaning Mamad, Faiz, Diat jeung Riyan rék ka Jatinangor. Mamad jeung
Faiz mah geus tatan-tatan di kosan. Ngan Diat jeung Riyan masih kénéh di
kampus, keur nangtukkeun kénéh pinunjul lomba ngadongéng dina acara nu
diayakeun ku jurusan kuliahna.
Di kosan, Mamad
geus mamaké baju batik méga mendung pulas bodas. Mani kasép, keur mah eukeur
kasép ti dituna. Ieu dipapaés ku batik jeung kopéah hideung, handapna dicalana
katun hideung ogé, bleg wéh bet siga Ir. Soékarno mun ditilik beulahan térong
éta mah.
Faiz geus siap
dikaméja waé, handapna calana Jéans.
Buku kumpulan sajak tuluy dicecekel. Meusmeus dibukaan. Ditingalian deui.
Dilenyepan deui. Disurahan deui naon maksud sajak nu rék dikocéakkeun manéhna.
“Kumaha Mad?”
Tanya faiz bari nangtung disisieun Mamad nu keur ngeunteung tatadi. Duanana
pateuteup dina eunteung. Nyéh wéh arimut, bangun nu kabeneran pateuteupna téh.
“Sayaga atuh,
pan ieu téh léngkah munggaran arurang dina ngocéakkeun deui sajak Sunda.” Mamad
némbal bari memener kerah kaméja batikna, tuluy masangkeun bros kujang dina kopéahna.
“Heueuh nya. Hayu ah urang kudu sumanget!” Ceuk si Faiz, dibarung ku
ngaléng Mamad.
“Hilig ah! bareurat!” Mamad ugat-iget, tuluy muru kacapina.
Kacapi tembang, pulas konéng umyang. Dibulen ku kantong husus kacapi.
Digandong wéh ku Mamad.
“Kamana Mad? Moal latihan heula?
Tuluy Si Riyan jeung Si Agung gé can datang pan. Moal dibarengkeun?” Tanya
Faiz, leungeunna muntang kana pundak Mamad.
“Oh heuheuhnya. Karék inget. Kumaha atuh? Cobaan télpon yeuh!” Mamad ngasongkeun hape.
“Oh heuheuhnya. Karék inget. Kumaha atuh? Cobaan télpon yeuh!” Mamad ngasongkeun hape.
“Dieu!” Faiz nampanan tuluy nélpon
ka Riyan.
“Assalamualaikum! Sampurasun urang
Sunda! Kumaha damang?” Omong faiz bari surangah-séréngéh.
“Waalaikumsalam!
Kumaha Iz?” Sora Riyan na télpon bangun nu panasaran.
“Ih urang kuduna nu nanya téh!”
“Oh heueuh atuh hampura. Kieu wéh
Iz. Didinya jeung Mamad indit tiheula wéh. Keun urang
jeung Agung ngké nyusul. Ieu masih kénéh madungdengkeun pinunjul ngadongéng.”
“Oh enya atuh Yan. Kade nya omat datang! Apal pan
kampusna? éta gening nu deukeut Jatos. Jatinangor Town
Square téa.”
“Oh enya apal
Iz. Iz ieu dipareuman heula nya? urang bisi dicarékkan. Nya kadé dijalanna.
Assalamualaikum.”
“Heueuh atuh,
waalaikumsalam.” Témbal Faiz bari ngasongkeun hapé ka Mamad.
Hujan ngecrek
kénéh. Ngong adan magrib. Faiz jeung Mamad solat heula. Geus solat, Mamad tuluy
muru kacapi digandong wéh. Faiz ukur nempokkeun peta baturanna téh.
“Ngadunga heula
Mang! Ménta sangkan salamet tur rahayu!” Titah faiz bari rada muncereng.
Mamad diuk deui,
kacapi mah tetep digagandong, bisi poho tayohna. Bérés ngadunga. Maranéhna
tuluy tatan-tatan, dimantél ku jas hujan. Dihélm. gura-giru disapatu. Muru
motor diburuan. Clak naraék. Dius wéh arindit.
Setiabudi tepi
Jatinangor hujan teu raat-raat. Geus tepi ka Jatinangor, maranéhna tuluy muru
kampus nu dijug-jug. Dipapag ku lawang jeung hégarna gedong sigrong, faiz jeung
Mamad ukur arolohok.
Anjog
di gedong Fakultas Ilmu Budaya téh. Mamad langsung nélpon Riyan basa tepi
ditukangeun panggung.
”Yan
dimana?” Mamad tumanya na télpon tangka poho uluksalm awahing ku sumoréang haté
bisi Riyan jeung Agung teu datang.
“Urang
moal datang Mad! Hampura euy!”
“Euh
kunaon Yan? Halo? Halow? Yan? Yan? Deuh
pikaseubeuleun
pisan! Dipareuman deuih!” Mamad ngabarungsinang.
“Kumaha Mad?” Tanya Faiz.
“Moal datang cenah.” Témbal Mamad.
Maranéhna
ngarahuh méh bareng. Ngaharuleng. Bararingung. Jabaning keudeung deui maranéhna
kudu naék ka panggung. Ngocéakeun sajak Sunda diieu acara amal.
“Darrrr”
Sora nu ngareuwaskeun, Mamad jeung Faiz tangka ngarénjag.
Riyan
jeung Diat singhoréng anu ngareuwaskeunna téh. Geus kumpul kitu mah maranéhna
buru-buru ka néang lahan keur latihan, da émang can latihan, kawantu dadakan,
diajak ku baturan Mamad.
“Mad!
Ngké keudeung deui nya, jam salapan Mad!” Ceuk anu datang, baturan Mamad nu
ngajak téa.
Mamad
ukur némbal ku unggeuk jeung seuri , bari tuluy ngacapi, Diat nu ngabiolana, nu
maca sajakna mah Riyan jeung Faiz. Mani sumanget macakeun sajakna téh. Layeut
dipirig ku kacapi jeung biola meni pas dibarung ku sajak nu eusina ngeunaan
jati kasilih ku junti.
“Geus
ah latihanna! Hayu urang ka tukang panggung, keudeung deui yeuh!” Mamad ngeureunkeun latihan. Tuluy maranéhan
muru ka tukang panggung.
Ti
jauh mula, sora lagu ti salah sahiji band rock garihal nyérését kana
ceuli. Faiz tangka humar-hemir ngadéngéna. Riyan jeung Diat mah uunggeukan
katangen beuki kana lagu siga kitu.
Satepina
ditukangeun panggung, Mamad nyampeurkeun baturanna téa nu keur ngagimbung jeung
para panata acara.
“Kumaha
Dri?” Tanya Mamad.
“Aduh
Mad hampura pisan, diundur ka jam sawelas euy, baénya?” Témbal Andri.
Mamad
ngarérét katukang, Riyan unggeuk ngaheueuhkeun. Tuluy Mamad melong ka Andri,
jol unggeuk wéh ngaheueuhkeun ogé.
Antukna
baralik deui wéh maranéhna téh, katempat bieu latihan. Ngadon ngarobrol, tamba
karesel.
“Ieu
acara amal?” Tanya Faiz ka Mamad nu keur ngahuleng, bosen.
“Enya,
ieu téh acara amal nu eusina diskusi ngeunaan Jatigedé. Ngan hayang aya
hiburanna cenah, tah arurang téh kaasup pangeusi acarana.” Mamad némbalan.
“Hadé
euy pamuda téh, resep. Nyieun acara téh pinuh ku ajén kamanusaan.” Diat mairan.
Geus kitu mah ngaharuleng deui wéh. Nungguan
naék panggung. Geumpeur, reueus jeung karesel awor. Pagaliwota.
“Hayu ah! ieu
geus jam sawelas yeuh!” Faiz ngagorowok nepi ngagereuwahkeun nu tiluan, nu keur
narungdutan.
“Hayu!Hayu!hayu!”
Omong nu tiluan méh bareng.
Gura-giru wéh maranéhna laleumpang
muru panggung. Ayeuna mah geus geumpeur jeung kesel téh, ditambahan ku tunduh
deuih. Atuh asa teu pararuguh.
Lagu rock téh
geus salin jadi lagu reggae. Mani teu puguh ari bari tunduh mah. Barang nepi ka tukang panggung téh, babaturan
Mamad geus nyegat.
“Mad hampura
pisan deui euy ieu mah. Bérés band ieu nya? Asli ayeuna mah, bieu téh
ieu, aya kasalahan teknis.” Andri mamandapan ka Mamad, bari
acong-acongan.
“Euh kumaha atuh
Dri? Ieu teu ngeunah atuh barudak urang geus tatadi ngadago-dago. “ Mamad
ngomongna bari ngabalieur. Kesel tayohna geus dialungboyong.
“Enya antosan
wéh sakedap Mad, ieu bérés ieu langsung naék ka panggung. Hampura euy, ieu tadi
aya paménta cenah panongton hayang band nu maén.”
“Euh nyanggeus
ari hayang band hungkul nu ngahibur mah nanahonan ngondang urang kadieu
Dri!” Mamad ngomongna rada tarik, ambek tayohna.
“Deuh ulah atuh
Mad, ieu asli kagok. Pan eureuk ngocéakeun deui sajak Sunda manéh téh? Ieu
humpung aya lolongkrang Mad.” Andri leuleuy sorana bari ngalelemu Mamad.
Mamad teu
némbal. Ambek nyedek, ngan tanaga midek sigana, manéhna ngarérét ka tukang,
babaturanna kabéh unggeuk ngaheuheuhan, bari disusul ku ngarahuh.
Bari ngadagoan,
Mamad, Diat jeung Riyan mah diuk waé dibangku tukangeun panggung. Ari Faiz mah
hayang kahareup, ningali panggung cenah mah.
Geus satengah
jam nungguan, band acan lekasan waé. Riyan jeung Diat mah geus tatadi
reup méh rék saré, da tadi beurang sibuk pisan. Mamad mah ngalamun wéh bangun
aya nu dipikiran.
“Hayu balik ah!”
Teu kapanggih datangna, Faiz jol ngajakan balik. Nu tiluan curinghak.
“Naha?” Riyan
panasaran.
“Moal balég
Yan!” Témbal Faiz bari gogodeg.
“Moal balég
naonna Iz?” Mamad nangtung, dituturkeun ku Riyan jeung Diat.
“Dihareup
panggung. Manusa jojogédan dipirig gending sétan. Gending kapatian. Lirik
nista, nirca jeung dosa. Néngténg botol, botol eusi geni belis nu ngajadi cai.
Cai nu haram ngamalir dina getih!” Faiz kokocéakan bangun nu édan.
“Naon Iz?
Arurang teu ngarti!” Mamad nanya dibarung amarah, panon molotot ngabebela.
Faiz ukur
ngahuleng. Tuluy neuteup ka tiluan lalaunan bari pok “Euweuh gunana ngocéakkeun
sajak Sunda dihareupeun sétan anu kokocéakan, néngténg botol bari éak-éakan.
Balagonjakan. Moal! Moal balég! Acara amal nanahaonan? Acara amal pinuh ku
sétan! Hayu balik!” Gorowok Faiz, tuluy léos indit tiheula dituturkeun ku
Riyan. Tuluy Diat. Mamad ngahuleng sorangan.
“Deudeuh teuing.
Sajak Sunda kasilih lagu éropa. Deudeuh lemah Sunda keudeung deui genti
bandéra.” Mamad ngomong sorangan.
Simpé jalan
balik. Maranéhna ukur ngaharuleng dina motor. Nonoman nu bajoang keur
ngocéakkeun sajak Sunda téh kalah meunang tunduh, lapar jeung peurih. Peurih nu
mawa ati sedih. Sedih ku palastrana...Sajak Sunda.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar