Total Tayangan Halaman

Senin, 09 Januari 2017

lisung

Unsur Kabudayan Lisung
ku: Leni Anggraeni


Di jaman kiwari, réa budak nu teu nyaho kana pakakas tatanén.  Lantaran geus canggih ku téhnologi jeung geus teu dipaké dina hirup kumbuh manusa. Kataji pisan nalika ka museum Sri Baduga aya pakakas tatanén diantar, pacul, congkrang, arit, parang, étém, garu, caplak, lisung, halu jeung nyiru.  Ieu pakakas kawilang geus leungit dimasarakat kota mah, tapi aya kénéh disawatara tempat kaasup dikampung.
Lisung nu matak ngirut nalika nempo pakakas tatanén. Lisung nya éta ngaran waditra pikeun nutu paré sarta miboga fungsi pikeun misahkeun cangkang ségon jeung béas. Dijieunna tina kai, wangunna ciga parahu, sarta jerona ±… asalna ieu alat ti Sumedang. Lisung sapasang jeung halu, sarta nyiru. Halu fungsina pikeun nutu, sedengkeun nyiru fungsina pikeun napikeun antara huut, beunyeur jeung béas. Nalika ngaaprésiasi ieu alat, aya sababaraha kapanasaran nu merlukeun jawaban.
“Naon filosofina ieu alat wangunna ciga parahu?”,
“saha nu ngamimitian nyieunna?”,
Jeung  “timana asal mimitina?”.
Élmu téh masih heuret kénéh. Perlu analisa nu leuwih teleb.
Jaman baheula mah geus bisa nyieun alat lisung nu bisa misahkeun antara ségon jeung paré nepikeun jadi béas. Hartina jalma-jalma jaman baheula dina sistem élmu pangawéruhnu geus hadé. Salian tina élmu pangaweruhna aya ogé unsur séni jeung basa nya éta disadana sora halu nu ditutug-tutugkeun kana lisung sarta ngahasilkeun sora atawa musik, “tuk, tek, tuk, deng. Tuk, tek, tuk, deng.”  Sedengkeun, unsur basanana nya éta nalika nutu biasana sok dibarengan ku hariring.
Di sawatara tempat kaasup di lembur kuring pernahna di kampung Awilega, Desa Mangkurayat, Kabupatén Garut masih aya kénéh tempat husus pikeun nutu paré. Lantaran ngaran alatna lisung, prak éta tempat diaraanan lisung. Unggal usum gacong sok réa jalma nu daratang ka éta patempatan téh. Ti mimiti ibu-ibu nepikeun ka nini-nini ngaleut indit ka lisung pikeun nutu paré. Biasana silih bantuan sangkan téréh bérés. Saupama dititénan mah aya unsur kekerabatan nalika nutu pare nya éta sipat gotong-royong atawa silih bantuan.
Timbul kapanasaran deui, “Naha nu nutuna lolobana awéwé teu lalaki?”
Ieu hal, patalina jeung kapercayaan masarakat. Biasana paré simbolna jeung Sri Pohaci nu nandakeun awéwé. Nepikeun lolobana nu nutu awéwé. Sarta ngabédakeun pakasaban dina jaman baheula. Lalaki lolobana macul di sawah sedengkeun awéwé ngolah dahareun kaasup ngolah pare nepikeun ka jadi béas.
Tapi, jaman kiwari geus tara maké deui lisung sabab aya mesin héler nu leuwih téréh dina prosés ngahasilkeun béas. Tug, nepi kakiwari ngalisung téh geus leungit geus tara dipaké deui, ieu balukar tina kamajuan téhnologi. Cag!












Tidak ada komentar:

Posting Komentar