Fenomen
Selfie
Ku:
Leni Anggraeni
Naha
jaman kiwari jaman sélfie atawa jaman globalisasi?
Di jaman kiwari geus
lumrah nu ngarana selfie. Ti mimiti budak ngora nepikeun ka nini-nini jeung
aki-aki apal kanu ngarana selfie. Teu ngabédakeun di kampung atawa di kota. Teu
ngabédakeun jalma aya atawa jalma nu teu boga. Ieu baalukar tina kamajuan jaman atawa jaman
globalisasi. Réa jalma nu ngahartikeun yén jaman globalisasi nya éta jaman nu
teu kawatesan dina sagala hal jaman ‘kabebasan’. Ieu hal dibuktikeun ku majuna
téhnologi nu mangaruhan kana pola hirup manusa. Contona handphone (hp) nu mimiti fungsina pikeun alat komunikasi. Beuki deui beuki canggih lantaran dilengkepan
ku fitur-fitur (aplikasi) nu aya dina
jero hp, saperti foto, social media (facebook,
line, bbm, Instagram, path, jsb). sagala nu dipikahayang ayeuna mah tinggal
‘klik’. Hayang dahar tinggal delivery,
hayang naék mobil alus langsung pesen Grab,
hayang balanja tinggal klik. Ieu pikeun
nyumponan pangabutuh manusa.
Fenomena selfi teu leupas
tina sosial media, salaku nu boga akun sosial media bisa ngakses nu
dipikahayang saperti upload foto, update
status, jsb. Tujuan manusa miboga media social béda-béda aya nu keur sarana
dakwah, méré informasi, aya ogé nu hayang exsis di media social. Lolobana mah budak rumaja hayang exsis. Réa jalama nu jadi artis gara gara selfie di
media social, atawa gara-gara upload video.
Ti mimiti tukang
bajigur, tukang dagang, nepikeun ka artis jeung para pejabat teu wéléh jeung
teu leupas nu ngarana sélfie. Minangka karesep jeung menang respon positif
nalika di upload ka media social jadi candu pikeun nu resep selfie. Karek
hudang tuluy selfie, geus mandi tuluy selfi- upload, jalan jalan tuluyna selfi,
rék dahar ain ngadua heula tapi dahareuna téh di foto heula tuluy di upload.
Ieu mangrupa parobahan jaman.Memang ku cara sélfi nimbulkeun parobahan pola
hirup manusa. Boh pangaruh positif atawa negative. Contona pangaruh negative
selfie
1.
Obsesi nu gede pikeun tampil sacara
sampura
Sangakan meunang
respon postif ti batur boh éta like atawa komen. Kudu tampil sacar sampurna
sapertina tina tampilan.
2.
Resep di puji
Nalika tampil
sacra sampurna jeung meunang pujian I batur hate jadi resep. Tapi nimbulkeun
jadi mikacinta ka diri sorangan.
3.
Numuwuhkeun kepribadian nu narsis
Lantaran
boga sipat nu narsis ngaarasaa diri
leuwih tibatur nuwuhkwun sikep adigung sarta nyepelekuen batur.
4.
Nimbulkeun kajahatan
Réa kajadian boh
pemerkosaan, pembunuhan alatan tina media social.
5.
Nimbulkeun candu
6.
Penipuan
Ieu robahna jaman
antara jaman globalisasi jeung jaman
selfie nu teu bisa dipisahkan. Salaku nu resep selfi sarta nu miboga media
social kudu bijak nalika makéna. Lantaran pangaruhna lain keur urang hungkul
tapi keur batur ogé. Bisa waé urang mangaruhan batur alatan paripolaah urang nu
teu hadé nepikeun batur nurutaan sarta nimbulkeun nu ngarana dosa dosa.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar