Total Tayangan Halaman

Senin, 09 Januari 2017

Lost Generation

LOST GENERATION
Ku: Leni Anggraeni

“Jika Anda bertanya apa manfaat pendidikan, maka jawabannya sederhana: Pendidikan membuat orang menjadi lebih baik dan orang baik tentu berprilaku mulia.”
-Plato, 428-347 SM –

Plato nyebutkeun yén mangpaat tina atikan nya éta ngahasilkeun manusa nu leuwih hadé sarta jalma hadé tangtu miboga prilaku nu mulya. Tapi, kaayaan ayeuna geus teu saluyu deui, malahan mah réa kriminalitas nu kajadian di sakola. Padahal, sakola tempatna ngadidik sarta ngahasilkeun jalma nu terdidik. Geus euweuh paribasa murid sieun ku guru lantaran ayeuna mah geus aya Undang- Undang Perlindungan Anak (UUPA) No. 23 Tahun 2002 nu nyebutkeun yén:
 “Anak di dalam dan di lingkungan sekolah wajib dilindungi dari tindakan kekerasan yang dilakukan oleh guru, pengelola sekolah atau teman-temannya di dalam sekolah yang bersangkutan, atau lembaga pendidikan lainnya.” 
  Nu kaaspu kekerasan dumasar pasal 69 nya éta kekerasan fisik, psikis, jeung seksual[1].  Balukarna guru kurang tegas ka siswa sarta nurunkeun wibawa guru dihareupeun murid. Khususna di kalangan siswa-siswa nu sok ngalanggar tata tertib sakola lantaran kurang teges dina nerapkeun hukuman. Siswa ogé loba nu sangeunahna teu ngajaga sikep kanu jadi Guru. Kaayana nu geus béda antara jaman Bihari jeung kiwari.  Baheula mah ku guru ngaji ogé geus sieun boh éta muridna, masarakat atawa preman sok papada ngahormat kanu jadi guru. Loba kasieunna ku guru téh, nepikeun ka méré hukuman ka murid sangkan disiplin jeung dianggap biasa-biasa waé. Tapi, jaman kiwari kanu jadi guru geus loba nu teu ngahormat. Réa kasus murid ngalaporkeun guru ka pulisi, atawa kasus pelecehan seksual nu dilakukeun ku budak SD, atawa pemerkosaan nu dilakukeun ku guru ka murid. Nepikeun, tindakan hukuman sangkan murid disiplin, ayeuna mah disebut tindakan kekerasan lantaran aya HAM (Hak Asasi Manusia) nu jadi ‘jebakan’ pikeun guru pasca arus reformasi.
Naon nu ngalantarankeuna?, Naha ieu balukar tina parobahan jaman (globalisasi)?, Naha Undang-Undang?,  atawa salah dina ngatik boh guru atawa kolotna?. ieu fenomena rusakna moral nu geus ngaprihatikeun dina kahirupan masarakat.  Saupama kaayanan ciga kieu diantep waé tanpa aya solusina nagara bisa hancur ku kaayaan moral nu amburadul sarta nyababkeun leungitna generasi (lost generation).

Pangaruh Globalisasi
Kiwari katelahna jaman globalisasi. Réa jalma nu ngahartikeun yén jaman globalisasi nya éta jaman nu teu kawatesan dina sagala hal jaman ‘kabebasan’. Ieu hal dibuktikeun ku ayana masarakat mancanagara nu bisa ngaakses ti hiji nagara ka nagara séjénna. Balukarna ka masarakat nya éta parobahan pola hirup manusa. Globalisasi mawa pangaruh diantarana aya dampak positif jeung dampak negatif. Dampak negatif diantarana kekerasan, penyalahgunaan obat-obat terlarang, seks bebas, jeung kriminalitas. Tungtungna ngabalukarkeun leungitna karakter bangsa.
Ancaman leungitna karakter geus ngajanggéléek sacara nyata. Ajén-ajén karakter nu luhur geus kabawa ku arus globalisasi, utamana kasalahan dina ngamaknaan harti kabebasan demokrasi jeung kurangna pangaweruh kana filosofi tehnologi. Kamajuan téhnologi ogé mawa pangaruh positif pikeun manusa, tapi mawa pangaruh negatif lamun disalahgunakeun. Numutkeun Setiawan (tina kompas, 29 September), tehnologi bakal ngahancurkeun umat manusa lantaran tilu hal. Kahiji, teknologi bisa ngagampangkeun dina kahirupan. Ngarubah manusa jadi jalma nu serba-instan, teu ngargaan kana proses; kadua, tehnologi bisa ngadekeutkeun nu jauh, tapi ngajaauhkeun nu deukeut. Hiji jalma ngarasa asing di lingkungan sekitar, kurang peka kana lingkungan sabudeureun, jeung teu paduli sabudeureuna lantaran instens kana tehnologi, katiga; tehnologi nimbulkeun prilaku konsumtif [2].
Fenomena ruksakna karakter bisa mekar lamun masarakat salaku pamké téhnologi teu maham kana filosofi tehnologi nepikeun salah dina ngamangfaakeun fungsi téhnologi. Contona, fungsi handphone pikeun komunikasi, nendeun data nu penting, dokumentasi hal-hal nu sipatna pribadi. Pikeun pelajar, ajén téhnologi geus robah fungsi jadi prasyarat pergaulan jeung simbol-simbol kelas sosial. Nepikeun timbul sikep bullying, peer group (geng), jsb.

Undang-Undang
Patalina jeung undang-undang, pamaréntah hadéna kudu geus ngaréalisasikeun perlindungan guru, sangkan adil antara guru jeung murid. Guru ngarasa aman jeung laluwasa dina ngajar sarta teu babari ngadiskriminasi. Dumasar Pasal 39 ayat (1) Undang-undang Nomor 14 Tahun 2005 nyebutkeun yén :
Pemerintah, pemerintah daerah, masyarakat, organisasi profesi, dan/ atau satuan pendidikan wajib memberikan perlindungan terhadap guru dalam melaksanakan tugas. Selanjutnya pada pasal (2) disebutkan bahwa “perlindungan sebagaimana dimaksud pada ayat (1) meliputi perlindungan hukum, perlindungan profesi, serta perlindungan keselamatan dan kesehatan kerja. Selain itu, juga diperlukan perlindungan terhadap hak kekayaan intelektual guru mengingat banyak guru yang menulis karya ilmiah dan membuat karya inovatif seperti buku pelajaran, buku referensi, alat peraga atau media pembelajaran, software,aplikasi, dan sebagainya[3].
Lingkungan Kulawarga
Lingkungan kulawarga diantarana aya peran kolot, jeunng kaayan sabudeuereunna nu ngadukung dina proses pendidikan. Di jaman kiwari reá kolot nu laporan ka LSM atawa pulisi lantaran anakna katalikung ku kasus leutik misalna dicarékan atawa disintrek.Nepikeun ka anakna laporan kanu jadi kolot.  Padahal can tangtu saha nu salah. Lantaran ngadéngé sapihak ti anakna. Hadéna mah saméméh ngalaporkeun téh ngaklarifikasi langsung ka guruna. Komo deui langsung néangan media. Biasana oknum ti kalangan berpendidikan nu ngarasa nyaho kana pancén salaku kolot.
Ku kituna, urgensi pendidikan karakter mutlak kudu aya. Pendidikan karakter nya éta salah sahiji pikeun nyaring efek globalisasi nu negatif. Pendidikan karakter nya éta pendidikan nu ngajarkeun hakékat karakter dumasar tilu ranah diantaara cipta, rasa jeung karsa[4]. Tujuanna nya éta pikeun ningkatkeun pangaweruh, sikep jeung kaparigelan dumasar opat pilar kaparigelan. Tapi, can nunjukeun hasil nu alus. Ieu hal disababkeun ku pamahaman kolot nu masih minim, lingkungan nu teu kondusif, jeung situasi negara nu subur ku jiwa korup.
Sangkan pendidikan karakter ngawujud dina kahirupan sapoopé jeung moral siswa teu amburadul diperlukeun gawé bareng antara kolot, pamaréntah, jeung Guru. Ku cara sosialisasi nyaruakeun prinsip nu ngawincik tina UU, saperti peraturan tata tertib sakola di mana antara murid, kolot, jeung guru geus nyaho sarta sapuk kana tata tertib nu geus ditangtukeun sangkan euweuh paribasa guru ngalanggar UU atawa murid nu ngalanggar aturan. Sarta guru salaku nu ngadidik kudu bisa ngaimplementasikeun pendidikan karakter nu saluyu jeung kaayan lingkunganna boh éta kondisi alam atawa sosial sabab pendidikan karakter teu bisa disaruakeun jeung sakola nu séjén .








[1]Idris Apandi, Guru dalam Sanderaan Undang-undang Perlindungan Anak, terdapat di: http://www.kompasiana.com/idrisapandi/guru-dalam-sanderaan-undang-undang-perlindungan-anak_574007b33cafbdd60e3a4caa diakses pada: 21 Mei 2016 14:01:12


[2] Setiawan Dani (tina kompas, 29 September)
[3] Undang-Undang Pasal 39
[4] Barnawi. 2011. Pendidikan Karakter Berbasis Pancasila. Bandung: Simbiosa Rekatama Media

Tidak ada komentar:

Posting Komentar