Total Tayangan Halaman

Senin, 09 Januari 2017

Capon Sunda

KERETEG HATÈ
Ku: Leni Anggraeni

Soré maju ka peuting, layung nu mayung ngeusi sabudereun langit. Ras haté cumeluk kanu jadi Indung, sono lila teu patepung. Patepung dina pangharepan, ngan sauukur kalangkang nu sakolebat, lep eweuh deui anu dipikasono téh. Jumerit teu bisa dikaluarkeun, ngalimpudan eusi haté, "Kuring kuat, Kuring kuat" ngan bisa nguatkeun diri ku omongan. Tapi, cipanon nu teu bisa dijanjian sangkan teu bijil, tetep baé kaluar cirambay ngabudalkeun eusi haté.
“Ema, Kuring sono. Naha bet ninggalkeun?, bébéja dina impenan rék ka Baituloh,  naha teu mulang deui?”, kitu kekecapan nu panungtung ti Ema. Hirup mangtaun-taun di dunya téh ngan sauukur panineungan anu geus jadi gurat takdir ti nu Mahakawasa, nu teu bisa di ingkahan pait peuheurna hirup. Nunggelis  ogé geus jadi takdir Kuring ditinggal ku Ema. Ieu hirup Kuring téh,  nyorangan ningan   di dunya ogé . Dulur geus euwueh duka kamarana nyingkahna .
Baheula ngaku dulur, tapi geus eweuh Ema mah dipopohokeun. Eweuh nu nanyakeun kabar-kabar acan. “Kamarana atuh nu baheula ngaku dulur téh?”, nu ngaku dulur téh gening hayang hartana hungkul. Ayeuna pakaya Ema geus béak, eweuh nyésana kabeh dijualan.  Imah nu gedong sigrong gé ngadadak dijualan. Kaduhung  teu bisa nyieun kaputusan tibaheula yén imah mah ulah dijual, éta amanat Ema. kaduhung mah datangna pandeuri, ayeuna di usir ti ditu ti dieu.
Baheula nu ngarana dulur téh ngolo  sangkan imah di jual, Kuring rék diaku di unggal dulur. Tapi, ayeuna teu puguh panempatana. Mimiti pada ngahiyap diunggal imah, di imah Mang Elan, Bi Ida jeung Kang Anom. Karék ogé meunang saminggu di imah Bi Ida geus dititah pindah deui ka imah Mang Elan, “Neng Lia, enjing mah ka bumi Mang Elan, didieu mah tempatna teu enakeun”.Pokna téh. Padahal mah teu kudu nu ngeunaheun ogé teu nanaon. Ukur bisa nurut kanu jadi kolot.
Isukna indit ka imah Mang Elan karek cicing dua poé di imahna ogé geus loba diambekan, padahal teu boga salah nanaon. Pira salah saeutik ngelap meja kotor kénéh langsung diambekan. Geus ciga pembantu cicing di imah Mang Elan. “Gusti,  kudu kamana Kuring  ngaléngkah?, Kuring hayang ngilu ka Ema!” jumerit dina haté. Napsu nu ngagolak dina haté teu bisa diudalkeun, ngagunduk dina jero dada.
Kuring geus ciga galandangan, indit ka Mang Eman nu baheula nu ngaku dulur, nyebutkkeunna téh “rék naon bageur kadieu rék ménta duit, tuh ka Bi Ida menta duit mah montong kadieu!” ceuk Mang Eman. Haté asa dilentab ku seuneu. Kahayang mah ngambek, tapi lamun ngambek bakal leuwih dipoyok. Nuluykeun lalampaahan ka Kang Anom kapilanceuk nu baheulana sok méréan duit. Encan ogé panggih geus diusir ku satpamna.
“Hey, kaditu nugelo!”Ceuk satpam.  sababaraha kali Kuring diusir ku satpam, ngadon disangka jalma teu waras.
“Abdi, raina Kang Anaom. Pa!” kuring ngajéntrékeun.
“Juragan Anom mah teu boga adi nu kieu, manéh mah ngimpi.” Ceuk satpam bari nyurungkeun awak kuring.
Kuring ukur bisa tungkul, asa geus eweuh hargaan deui. Luntang-lantung teu puguh, jig kaditu lain jig kadieu lain geus ciga galandangan. Imah teu boga, baju bau, teu maké sendal, ditambah dekil lantaran geus sababaraha poé teu mandi. Pantes pada ngusir ogé meren da kieu tampilanna. Puguh, geus teu boga baju deui keur salin da béak dijualan dipasar. Hargana mah  teu sabaraha cukup keur meuli dahar. Peurih beuteng mah geus teu dipaliré deui, ukur bisa nginum dina cai kran mesjid.
Anjog kahiji masigit, ngilu beberesih jeung sholat ngilu masrahkeun diri ka Mahakawasa. Niat  rék cicing di masigit da euweuh tempat deui keur rereh nalika capé.  Masigit tempat nu merenah jeung bebas saha waé nu cicing didinya. Tapi, nalika peuting datang kira-kira jam dalapan diusir ti masigit  ku merebotna, majarkeun ulah saré dimasigit. Abong dikota béda jeung di kampung, di kampung mah saha baé nu cicing di mesjid asal ibadah. Tungtungna Cicing dihareupeun émpéran toko anu geus teu kapaké tempat anu geueumeun jeung galeuleuh ku sampah. Ieu tempat  kuring ngiuhan boh hujan atawa panas. Kaalaman ningan saré hareupeun empéran tan bantal tan simut. Baheula mah ku nu jadi Indung diperenah-perenah lamun rék saré téh, ayeuna mah geus teu dipaliré deui goledag wé dimana waé lain bantal atawa simut nu dipaké téh ngan salembar dus, éta ogé ngarah beresih.  Teu sieun aya nu ngahereuyan sanajan awéwé ogé, moal daékeun ngadeukeutan  nu bau jeung dekil ciga kuring.
Ti poé ka poé kuring teu mangih dahar, ngan cai kran masigit anu bisa di inum. Sanajan cai atah anu ku kuring di inum, tapi masih kénéh bisa hirup di ieu dunya. Can bisa nyusul Ema ka alam barzah, can kana takdirna kudu babarengan deui jeung Ema. Awak beuki kuru, péot ditambah karasa beuteung nyeri lantaran tara di eusi dahareun, ukur cai atah jeung amarah nu ngeusi awak.
Nyobaan di gawé néangan rongsokan dina wadah runtah, tempat batur miceun runtah. Lamun batur ngaliwat ka tempat ieu téh pada nutup irung. Kitu ogé basa mimiti ancrub kana pagawéan ieu, “Iuhh,, bau.” Ceuk kuring. teu kuat ngambeuna ogé duka runtah naon nu ngabalukarkeun runtah téh bau, tapi ngarana ogé runtah sagala aya. Di embung-embung ogé da euweuh pagawéan nu séjén keur kuring. Da lamun teu kieu rék meunang dahar timana da euweuh nu méré. Kapan dulur geus euweuh geus leungit. Ayeuna geus ciga runtah nu dipiceun, bau, kotor, awak geus teu mangrupa nu geus teu boga guna deui. Pikageuleuheun batur nu nempo. Geus ciga runtah, kitu ogé nu maturanana ngan runtah.
***
Botol akua, kardus jeung paku di kumpulkeun. Can bisa ka jual lantaran beubeunangnana saeutik. Mapay ka saban jalan néangan piréjékieun. Anjog ka hiji perumahan nu bareresih. Nempo mobil aralus cinggaleuleuyeung,  teu katempo aya motor nu ngaliwat mah.  Imahna aragréng, aya nu tingkat tilu nepi tingkat lima matak pihégareun manah jeung panon nu nempona. Ngan hanjakal unggal imah di bénténg  jarangkung, luhur bénténgna ditarancleban beling ciga dipanjara .
“Duh, Gusti sabaraha  jelema nu ngeusian ieu imah.” Kereteg tina haté kuring.
“Naha imah téh meni dibarénténg kieu, naha warawuh kitu jeung pada tatanggana?”.
Jaman geus robah, jaman nu geus teu mikabutuh deui papada jalma sabab diogo ku téhnologi.  Loba jelema nu paaprok tapi teu pada nanya, ngan tarungkul wé kanu Hapé. Malah loba jelema nu nempo kuring ciga nempo sato nu najis, pada lulumpatan, melong ciga nempo nu aneh.
“Kuring geus disangka jalma gering.” Kereteg dina haté. Meren batur rék pada ngajauhan ogé  da nempo tampilan kuring anu arawadul. Tapi teu dipaliré sok sanajan hate  nyeri teu bisa kaubaran. “Nu beunghar  beuki beunghar, nu eweuh beuki euweuh.” Heueuh jaman kiwari ieu téh.
Ngan bisa ngalamun nempo imah anu aragréng, hayang ngasaan cicing di imah ieu.
 ngan hanjakal ciga nu teu ka urus jeung loba tulisan dina tembokan téh “KORUPTOR”, “DI SEGEL PIHAK BANK”,
Singhoréng simahoréng gening imah agréng ogé beunang nyangsarakeun batur, jeung loba hutangna.
“Keur naon atuh, imah gedé-gedé teuing ari pangeusina mah ukur duaan jeung meunang nyangsarakeun batur.”
“Tinggali yeuh, nu ngajabat di luhur. Loba kénéh rakyat nu sangsara nu teu boga imah ciga kuring, jauh kana atikan mah. Cenah Indonésia téh geus merdéka tapi loba rakyat nu sangsara. Cenah Indonésia téh subur tapi loba kéneh jalma nu kalaparan.”
“Ah, hirup ngan sakur nyadiwara!”, Saha nu kudu disalahkeun? Asa teu kudu lamun pamaréntah tuluy disalahkeun?”, Meureun geus garis takdir ti gusti kuring kudu jadi galandangan ogé.
“Heueuh ieu nu keur karandapan ku kuring.” Kereteg tina haté.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar