NYANDIWARA
Ku: Leni
Anggraeni
”Megah,
inilah rumah mewah yang dibeli
Gibran” tulisan dina koran. “Gibran?, saha ari Gibran
téh?” ceuk Kanda bari beungeut bingung. “Artis,
meureun Pa. Meenya wé babaturan gawé
Bapa,” tembal Sari pamajikanana. “Ah, memang
jaman kiwari, boga imah agréng waé dihohoar, teu paduli ah, boga imah
agréng ogé.” Ceuk Kanda bari ngalungkeun koran.
Kanda nuluykeun
pagawéannana dibantuan ku pamajikanana. Pagawéanana nu jauh tina sipat korupsi,
néangan nu halal dipaké jeung di
daharna. Mémang pagawéan Kanda lain pagawéan nu kudu dihormat ciga pajabat, nu
kudu diladénan ku ajudanana. Nu penting mah pagawénanaa halal jeung dipikacinta
ku Pangéran.
Sanggeus bérés pagawéanna, di tuluykeun ku
lalampahan ka unggal tempat. Tujuana mah keur ngabrangbrangkeun haté pamajikan
jeung budak sangkan teu bosen di imah. Nitih-nitih liburan sanggeus gawé, sok
sanajan liburana unggal poé.
“Pa, badé kamana
ayeuna?” Sari nanya.
“Tuluy wé ka belah
kulon, sugan rejeki urang ti belah kulon.” Walon Kanda.
Kanda Geus saged,
sayaga tanaga keur ngajalankeun kandaraan. Lain hal nu énténg keur ngajalankeun
kandaraaan téh butuh konséntrasi jeung tanaga nu gedé. Sabab, lamun cilaka gedé balukarna. Nyawa nu
jadi taruhannana. Teu butuh tampilan fisik nu alus, kaméja anu ngajerépét, dasi
atawa sapatu nu ngagénclang. Cukup maké kaos, calana bahan , jeung
sandal capit.
“Méh, katempo
sederhana.” Ceuk Kanda ngomong sorangan.
Kitu ogé pamajikan jeung
budakna. Dangdanan nu sederhana, tapi gareulisna kabina-bina lir widadari di
sawarga.
Tempat pangulinan nu
aya di Bandung geus pernah ka asaan. Hotél-hotél geus biasa, komo deui
kadaharana, “ah, geus teu bireuk deui.”
Imahna nu agréng ogé teu hariwang ninggalkeun. Sugan sieun kaleungitan, harta nu sakitu numpukna. “Ah, henteu di
paliré.” Sabab harta kakayaanna mah pamajikan jeung budak.
Narti jeung Ima, budak nu
keur mareujeuhna. Narti umurna dua welas taun, Ima tujuh taun. Teu ngungsi
nincak sakolaan. Lantaran, prinsipna nyiar pangarti mah teu kudu di sakola SD,
SMP atawa SMA waé. Mendingan sakola di
imah sangkan langsung dilarapkeun dina kahirupan sapopoé, sabab dina pangajaran
nu utamana mah tatakrama. Kungsi Narti
hayang sakola ciga batur, tapi kuring teu nyumpona kahayangna. Lain embung
nyakolakeun, kaiket ku pagawéan nu teu cicing di hiji témpat. Teu bisa ninggalkeun pamajikan jeung budak,
kudu ngilu maturan gawé.
“Bapa ayeuna mah ka
Gasibu wé, nuju ramé.” Paménta Narti ka Bapa na.
“Hayu, Néng.” Walon
Kanda. Kuring jeung kulawarga remen ka ieu patempatan. Lantaran ramé loba
jelema jeung loba kadaharan anu kawilang marurah.
“Tétéh,…
tétéh, upami éngké di Gasibu. Ima hoyong
améng sareng tétéh. Tapi, urang kakawihan saya
orang kaya saya orang miskin. Anu kieu ningan téh,
Saya orang kaya, saya orang kaya
Saya orang miskin, saya orang miskin
Saya minta anak, saya minta anak
Namanya siapa, namanya siapa
Namanya Narti, namanya Narti
Narti lekas pergi, jangan kembali lagi!.” Paméta
Ima ka nu jadi lanceukna. Narti ukur unggeuk nyumponan kahayangna.
“Tapi,
tétéh nu jadi orang miskinna. Ima nu orang kayana.” Ceuk Ima.
“Ih,
Ima mah ngalicik. Ima wé orang miskin.” Tembal Narti.
“Alim,
pokona Ima orang kaya.” Ceuk Ima.
“Eh,
kadon hareureuy. Keun wé badé jantén jalmi beunghar atanapi jalmi kurang ogé
teu sawios. Da mung bobodoan atuh. Narti atawa Ima kudu bisa tumarima kana
gurat takdir ti Gusti sabab dina kahirupan nyata ogé ngan heureuy hungkul. Teu
kedah di pasualkeun.” Sari, indungna mapatahan ka anakna. Tungtungna barudak
jarempling ngadéngekeun papatah ti Indungna.
***
Aya
rasa ka éra mah sanajan sok di sumput-sumputkeun ogé, tapi da katembrak. Lain
éra ku paripolah atawa harta nu teu halal. Rasa éra nalika ngajalankeun
kandaraan pribadi, lain agul pédah alus kandaraan, lain hal nu mahal keur
ditembongkeun. Kandaran nu dijalankeun ku tanaga sorangan. “Enya, Roda nu ban
na aya opat. Heueuh, gorobak. kandaraan Kuring, nu di jerona aya pamajikan
jeung budak kuring nu dituruban ku palastik.” Gerentes dina haté Kanda. Sok sanajan kudu babaréngan jeung
mobil atawa motor nu aralus, tetep baé kudu nyingkahan rasa ka éra nu
dirasakeun.
Lain
bénsin nu ka kuras. Tapi, tanaga kuring nu beuki ngurangan. Puguh atuh
ngurangan ogé da umur geus nambahan beuki kolot. Kesang ngucur geus teu
dipaliré. Beuteung kekerebekan. Eweuh kadaharan atawa cai nu bisa di dahar
atawa di inum.
“Iraha kuring jeung kulawarga kuring
bisa dahar jeung nginum di réstoran. Duh, Gusti meni hayang.” Kanda ngomong
sorangan.
“Ké ogé bakal kacumponan. Sing sabar wé
Pa.” walon Sari.
Imah
di mana-mana, da teu puguh patempatan da imah Kuring mah gorobak. Saban poé
saban waktu gorobak pundah-pindah di
unggal tempat. Di tilaman ku kardus jeung luhurna ditutupan ku plastik, sangkan
teu kapanasan jeung kahujan. Di hotél, “heueuh tukangeun hotél deukeut wadah
runtahna, imah agréng ngan sakur ngaliwat jeung ngilu eureun ngareurehkeun rasa
kacapé, teu jauh jeung réstoran nu sok dianjangan. Tetep deukeut wadah runtah.”
Pagawéanna nyokotan rongsokan, dibantuan ku pamajikan jeung budak. Dahar ukur
bisa kokoréh dina wadah sampah, teu béda jeung ucing. Kadaharan urut batur nu
geus teu di dahar. Komo deui lamun manggih runtah ti réstoran atawa ti hotél.
Kacida bungahna lantaran loba kadaharan nu kapiceun. “Heueuh mindeng parebut
jeung ucing atawa beurit.” Sanajan sangu
urut nu rasana geus béda, alias haseum. “éta kadaaran kulawarga kuring. Ukur
bisa ngarasaan urut batur.” Ceuk Kanda bari ngahuleng. Ieu kahirupan kulawarga
Kuring. Ngan ukur lamunan hayang imah agréng, jeung hirup ngeunah ogé.
Jaman kiwari imah pagedé
–gedé, eusina mah tilu atawa opat jalma. Nu beunghar beuki beunghar nu eweuh
beuki euweuh. Loba jalma nu sangsara, ciga kuring. Néangan dahar ogé susah, Komo
kana atikan mah. Nepi ka kiwari budak
kuring can ngarasaan nincakna sakolaan. Sok sanajan sakola SD atawa SMP di
gratiskeun, atawa loba bantuan ti Pamaréntah. Tapi, teu nepi bantuan ka jalma
ciga kuring. “Naha hirup kuring jadi kieu?,” ceuk Kanda bangun nu ngahuleng.
Dahar hésé, imah teu
boga, atikan can kungsi nincak. Ngan impenan, jeung harepan nu ngalimpudan haté
dina hirup kuring.
“Duh, Gusti ka saha
deui kuring muntang iwal ka Anjeun.” Kanda ngomong sorangan.
“Kudu loba syukuran,
Pa. Boa teuing engké di sawarga mah pangbeungharna.” Tembal pamajikanana.
“Hampura, Kuring can
bisa ngabagjakeun Nyai.” Ceuk Kanda.
“Kuring mah sakieu ogé
geus ngarasa cukup, keun wé da hirup mah ukur nyandiwara.” Pamajikanana
ngupahan Kanda.
Kanda syukuran lantaran
boga pamajikanana nu kacida sabar. Batur mah can tangtu boga pamajikan nu sabar
ciga pamajikan Kuring. “Naha hirup
kuring téh kieu.” Ceuk Kanda bangun nu ngahuleng.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar