Total Tayangan Halaman

Senin, 09 Januari 2017

Seni Lisung

NAHA ENYA LISUNG GEUS LEUNGIT?
Ku: Leni Anggraeni
1406993
5-C







“Ngindung ka waktu ngabapa ka jaman,”
Paribasa diluhur hartina urang kudu nyaluyukeun jeung kaayan jaman. Ti mangsa ka mangsa jaman geus pasti robah, boh manusa, kalakuan, atawa kaayana. Kiwari jaman geus modern kaasup jalmana modern, kalakuana modern jeung pakakas nu diparaké geus canggih sangkan bisa nyumponan kaahayang jeung pangabutuh manusa. Hayang dahar ogé tinggal “klik”, nungguan sababaraha menit langsung torojol.  Teu kudu kuprak keprik heula di dapur. Balukarna loba jalma anu maralés “beurat birit” kana sagala rupa lantaran manusa nu geus diogo ku téhnologi. Tapi teu bisa nyalahakeun téhnologi ieu hasil tina kamajuaan jaman, antukna urang kudu bisa nyaluyukeunna jeung kaayanna tapi kudu dibarengan ku ngamumulé  jeung ngariksana budaya atawa kabiasaa nu miboga ajén sajarah sabab kabudayaan téh cicirén bangsa sarta kakayaan pikeun masarakatna.
Lolobana di jaman kiwari geus teu maliré deui kana kabiasaan masarakat jaman baheula. Nepikeun nalika ngadéngé basa, pakakas, jsb ngarasa ahéng. Komo deui kana pakakas tradisonal lolobana geus teu dipaliré sabab geus aya pakakas nu leuwih canggih jeung geus teu dipaké dina hirup kumbuh manusa. Kataji pisan nalika ka museum Sri Baduga aya pakakas tatanén diantarana, pacul, congkrang, arit, parang, étém, garu, caplak, lisung, halu jeung nyiru.  Ieu pakakas kawilang geus leungit dimasarakat kota. Tapi, aya kénéh disawatara tempat kaasup di kampung.
Diantara pakakas tatanén, lisung nu narik ati pikeun di deskripsikeun. Lisung nya éta ngaran pakakas paranti nutu paré, dijieunna tina kai, liangna dua nya éta liang buleud jeung liang pasagi opat panjang, sarta miboga fungsi pikeun misahkeun cangkang ségon jeung béas. Wangunna ciga parahu, sarta jerona ± 40 cm, panjangna ±2 meter sarta lebar ± 0,5 meter.  Asalna ieu alat ti Sumedang. Kaayana kawilang masih alus kénéh. Warna coklat sarta disapasangkeung jeung dua halu, hiji nyiru. Halu fungsina pikeun nutu, sedengkeun nyiru fungsina pikeun napikeun antara huut, beunyeur jeung béas. Nalika ngaaprésiasi ieu alat, aya sababaraha kapanasaran nu merlukeun jawaban.
“Naon filosofina ieu alat wangunna ciga parahu?”
“saha nu ngamimitian nyieunna?”
jeung “timana asal mimitina?”.
Élmu téh masih heuret kénéh. Perlu analisa nu leuwih teleb.
Jaman baheula mah geus bisa nyieun alat lisung nu bisa misahkeun antara ségon jeung paré nepikeun jadi béas. Hartina jalma-jalma jaman baheula dina sistem élmu pangawéruhna geus hadé. Salian tina élmu pangaweruhna aya ogé unsur séni jeung basa nya éta disadana sora halu nu ditutug-tutugkeun kana lisung sarta ngahasilkeun sora atawa musik, “tuk, tek, tuk, deng. Tuk, tek, tuk, deng.”  Sedengkeun, unsur basanana nya éta nalika nutu biasana sok dibarengan ku hariring.
Di sawatara tempat kaasup di lembur kuring pernahna di kampung Awilega, Desa Mangkurayat, Kabupatén Garut masih aya kénéh tempat husus pikeun nutu paré. Lantaran ngaran alatna lisung, prak éta tempat disarebut lisung padahal lisung mah ngaran pakakasna. Unggal usum gacong sok réa jalma nu daratang ka éta patempatan téh. Ti mimiti ibu-ibu nepikeun ka nini-nini ngaleut indit ka lisung pikeun nutu paré. Biasana silih bantuan sangkan téréh bérés. Saupama dititénan mah aya unsur kekerabatan nalika nutu paré nya éta sipat gotong-royong atawa silih bantuan.

Timbul kapanasaran deui, “Naha nu nutuna lolobana awéwé teu lalaki?”
Ieu hal, patalina jeung kapercayaan masarakat. Biasana paré simbolna jeung Sri Pohaci nu nandakeun awéwé. Nepikeun lolobana nu nutu awéwé. Sarta ngabédakeun pakasaban dina jaman baheula. Lalaki lolobana macul di sawah sedengkeun awéwé ngolah dahareun kaasup ngolah pare nepikeun ka jadi béas.

Tapi, jaman kiwari geus tara maké deui lisung sabab aya mesin héler nu leuwih canggih sarta téréh dina prosés ngahasilkeun béas. Tug, nepi kakiwari ngalisung téh geus leungit geus tara dipaké deui, ieu balukar tina kamajuan téhnologi. Cag!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar